MyBlog
Recent News
Manfaat Mentimun bagi Kesehatan
Kepak sayap di atas semburan air sungai Citalaga, terbang kesana ke mari tertata sempurnaContinue reading
Nun Gusti Nu Maha Suci, Gusti Nu Maha Kawasa,
sareng Maha Uninga kana sagala perkawis,
ieu abdi mahluk Gusti anu laip tur hina,
rumaos taya ka gaduh,
henteu pinter henteu bodo-bodo acan,
anging Gusti Nu Kagungan.
Jisim abdi mahluk Gusti, rumaos bodo taya kateran, anging Gusti nuuninga.
Nun Gusti Nu Maha Agung,
mugi Gusti ngahapunteun kana kelepatan abdi, sumawona perdosaan, dosa alit dosa ageung, anging Gusti Nu Uninga.
Nyangggakeun sadaya-daya jisim abdi mahluk Gusti seueur pisan kahilapan, ngareumpak larangan Gusti nu dihaja sareng nu teu dihaja,
abdi Gusti seja ampun, moal ngalakonan deui, moal ngalanggar anu teu dipikarido ku Gusti.
Nun Gusti Nu welas Asih,
mugi Gusti ngahapunten ka jisim abdi,
sareng mugi Gusti maparinan kakiatan ka jisim abdi, sareng mugi-mugi jisim abdi tiasa ngajalankeun ieu perjalanan Gusti ALLAH anu sua,
Amin, yaa Robbal Aa'lamiin.
